Soal UTS Bahasa Sunda Kelas 7 Semester 2 Kurikulum 2013

Posting Komentar
Berikut adalah soal bahasa sunda kelas 7 yang dapat kalian download file soal nya secara lengkap dengan klik link di bawah ini!



Pada kesempatan kali ini penulis akan membagikan soal uts bahasa sunda semester 2 kurikulum 2013 yang dapat kalian pelajari untuk dijadikan sebagai referensi belajar kalian. Karena biasanya soal uts bahasa sunda kelas 7 semester 1 yang akan diujikan tidak akan jauh berbeda dari tahun-tahun sebelumnya. Untuk contoh soal bahasa sunda kelas 8 semester 2 ini belum dilengkapi beserta kunci jawaban. Semoga soal bahasa sunda kelas 7 semester 2 ini dapat bermanfaat. Selamat belajar dan tetap semangat! Jangan lupa cek soal bahasa sunda kelas 7 semester 1 dan kunci jawaban serta soal uas bahasa sunda kelas 7 semester 2 lainnya!

Soal UTS Bahasa Sunda Kelas 7 Semester 2 Kurikulum 2013

Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat-liwat
Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun solat
1.Tina sapada eta rumpaka pupujian diwangun ku....
a.Opat padalisan
b.Tilu padalisan
c. Dua padalisan
d. Sapadalisan

2.Eusi pupujian diluhur nerangkeun ngenaan.....
a.Jalma nu keur sakarat
b.Jalma nu keur nandangan kanyeri
c. Jalma nu tara solat karasana keur sakarat
d. Jalma nu nandangan siksa

3.Naon nu bakal kaalaman lamun urang tara ngalakukeun ibadah, tara solat?
a.Hirupna bakal senang
b.Moal aya nu maturan
c. Ngarasa senang waktu sakarat
d. Ngarasa nyeri pisan waktu sakarat

4.Hirup jeung sumebarna pupujian teh di....
a.Sakola umum
b.Lingkungan pasantren
c. Madrasah 
d. Kantor-kantor

5.Pupujian nu kaasup sholawat eusina netelakeun ngenaan ....
a.Kaagungan Alloh
b.Sejarah para Nabi
c. Riwayat nabi Muhammad
d. Sejarah sahabat

6.Dumasar kana asal kecapna, nu disebut pupujian nyaeta....
a.Puji
b. Pujian
c. Pupujian
d. Pupujieun

7.Barudak keur newak kukupu nu eunteup dina kekembangan. Mana nu kaasup kecap rajekan?
a.Barudak
b. Kukupu
c. Ngala
d. Kekembangan 

8.Tina kecap-kecap ieu di handap, mana nu kaasup kana kecap rajekan dwipurwa?
a.Cucunguk
b. Boboko
c. Dudupak
d. Papatong

9.Pilih mana nu kaasup kecap rajekan dwimurni?
a.Tunggal-teunggeul
b.Buku-buku
c. Jujungkelan
d. Bubuahan

10.Nu teu kaasup kecap rajekan dwireka di handap, nyaeta....
a.Kuda-kuda
b. Rurat-reret
c. Untar-anter
d. Tulas-tulis

11.Kecap beubeutian kaasup kecap rajekan.....
a.Dwipurwa
b. Dwimadya
c. Dwireka
d. Dwimurni

12.Tangtukeun nu teu kaasup kana kecap rajekan trilingga!
a.Pak-pik-pek
b. Clak-clik-cluk
c. Cakah-cikih
d. Dar-der-dor

Beja ti Papandayan I 
Kuring talatah ka angin garing
Sugan tembus ka nu sidendang na korsi gading
Lamun ayeuna kuring rungsing
Ku sabab awak diranjah teuing

Kuring talatah ka walungan lahar
Susuganan numuwuhkeun rasa sadar
Mun cai geus nembongkeun rasa pengar
Eta hartina awak kuring teuing ku angar

Kuring talatah ka hujan lebu
Sugan ngalelemu nu luhung  panemu
Sabab weteng kuring nu pinuh ku batu
Tong nepi ka ngabalukarkeun rewuan tatu
13.Saha nu dimaksud ku kecap kuring dina eta sajak?
a.Walungan
b. Gunung
c. Pejabat
d. Elmuwan

14.Saha nu dimaksud nu sidendang na korsi gading teh?
a.Elmuwan
b. Pejabat
c. Gunung
d. Walungan

15.Saha nu dimaksud nu luhung panemu?
a.Gunung
b. Walungan
c. Elmuwan
d. Pejabat

16.Naon nu jadi sabab pangna pangarang nulis eta sajak?
a.Karunya ka walungan anu caina kotor
b.Karunya ka batu nu aya di jero gunung
c.Hayang nyaritakeun kaayaan alam nu endah
d.Gunung garundul lantaran kaina pada nuar

17.Gunung naon nu dimaksud ku pangarang eta sajak?
a.Tangkuban Parahu
b. Papandayan
c. Burangrang
d. Ciremay

18.Di wewengkon mana ayana eta gunung teh?
a.Bandung
b. Garut
c. Sumedang
d. Majalengka

19.Mana kalimah bilangan di handap ieu nu nuduhkeun jumlah?
a.Murid kelas tujuh kabehna tilu puluh tujuh urang
b.Dian budak kalima
c.Neng Tian rengking kahiji di kelasna
d.Ervan juara kahiji tina pasanggiri sajak tingkat kabupaten

20.Murid kelas tujuh salawasna sumanget. Kalimah di luhur kaasup kalimah....
a.Kalimah bilangan
b.Kalimah sifat
c. Kalimah transitif
d. Kalimah intransitif
Rizsa Faozsiyah
Hallo, soal yang ada di blog ini dapat kalian download secara gratis dan mudah pada link yang tersedia, enjoy and happy reading!

Posting Komentar