Soal USBN Bahasa Sunda SMP Kurikulum 2013 dan Kunci Jawaban

Posting Komentar
Download Soal USBN SMP 2018 untuk mendapatkan file soalnya secara lengkap dengan klik link di bawah ini!



Kali ini penulis akan membagikan latihan Soal USBN Bahasa Sunda SMP Kurikulum 2013 untuk dapat kalian pelajari untuk menghadapi ujian nanti. Soal ini juga terdapat Soal Essay USBN Bahasa Indonesia SMP. Karena biasanya Kisi-kisi USBN Bahasa Sunda SMP 2019 yang akan diujikan tidak jauh berbeda dengan soal tahun sebelumnya. Soal bahasa sunda smp ini sudah dilengkapi beserta kunci jawaban. Semoga Soal USBN SMP 2019 2020 ini dapat bermanfaat. Selamat belajar! Tetap semangat! Jangan lupa cek  lainnya! Jangan lupa cek Soal USBN Bahasa Indonesia SMP 2019 Kurikulum 2013, Soal USBN Bahasa Inggris SMP 2019 Kurikulum 2013, Soal USBN Matematika SMP 2019 Kurikulum 2013 lainnya!

Soal USBN Bahasa Sunda SMP Kurikulum 2013

(Untuk kunci jawaban silahkan download pada link yang telah tersedia)

Baca cutatan dongeng ieu di handap, tuluy jawab pananya ti nomer 1 nepi ka nomer 6!

Kampung Pulo

Kampung Pulo nyaeta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang, kecamatan Leles kabupaten Garut. Disebut kampung Pulo ku sabab eta kampung teh deukeut ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat eta oge aya candi, nyaeta Candi Cangkuang.

Masarakat kampung Pulo teh ngagem agama Islam. Tokoh nu mimiti nyebarkeun agama Islam nyaeta Arif Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang pancen ti Subhan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ke-17. Ku sabab gagal, waktu mulangna deui kalah betah di eta kampung.
1.Kampung Pulo ayana di daerah ....
a.Bandung
b.Tasikmalaya
c.Sumedang
d.Garut

2.Kampung Pulo mimiti aya dina abad ka ....
a.15
b.16
c.17
d.18

3.Di kampung Pulo aya nelah situ ....
a.Bagendit
b.Cangkuang
c.Karamat
d.Pulo

4.Sanajan aya candi, masarakat kampung Pulo ngagem agama ....
a.Islam
b.Budha
c.Hindu
d.Kristen

5.Mulih ..., Bu ?
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....
a.ti mana 
b.ka mana
c.ka dinya
d.ti dinya

6.“Nabil diuk ... korsi.”
Kecap pangantet pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....
a.ka
b.dina
c.tina
d.di luhureun

Titenan paguneman ieu di handap, tuluy jawab pananyana ti nomer 7 nepi ka nomer 10!
Yuni : Nin, bade angkat ka mana ? Mani rurusuhan kitu ?
Nina : Bade ka sakola Yun, kasiangan puguh Nina teh, kedahna mah tabuh 8.00 tos kempel di sakola
Yuni : Har, na aya kagiatan naon di sakolah teh Nin ?
Nina : Ih, teu acan terang nya ? Pan sakola urang teh bade ngiring rampak sekar di Bandung. Tah minangka wawakilna teh nyaeta ti kelas Nina. Naha Yuni teu ngiringan kitu ?
Yuni : Pami ti kelas Yuni mah ngiringna pasanggiri maca sajak
Nina : Ke, ari Yuni ayeuna bade ka mana deuih, tos aged ?
Yuni : Nya sami bade ka sakola oge, pan bade latihan sareng Bu Susi
7.Topik anu jadi paguneman di luhur teh nyaeta ....
a.latihan kanggo pasanggiri
b.ulin ka sakola
c.latihan drama
d.rek aya pagelaran wayang

8.Paguneman nyaeta obrolan nu dilakukeun ku ....
a.obrolan keur diskusi
b.obrolan nu dilakukeun ku saurang
c.tanya jawab nu dilakukeun di sakola
d.obrolan anu dilakukeun ku dua urang atawa leuwih

9.Dina wacana di luhur, saha anu rek miluan pasanggiri maca sajak ?
a.Bu Susi
b.Yuni
c.Nina
d.Dadan

10.Dina paguneman di luhur, rek jeung saha cenah Yuni latihanana ?
a.Bu Eli
b.Bu Susi
c.Bu Tuty
d.Dada

Baca sajak di handap ieu, tuluy jawab pananya ti nomer 11 nepi ka nomer 14 !
Kampung Naga
Nurugtug mudun nincak hambalan
Jaman geus dirobeda
Malipir sisi-sisi Ciwulan
Jog, tangkal ngajenghok
“Geuning taya bedana jeung urang ?”

Kampung Naga, cenah saur guru mah maket
Gambaran kahirupan masarakat urang
Nu dek kadesek modernisasi
Tepi keueung keneh lamun teu nurut ka karuhun
Kabuktian tina hateup jeung model wangunan
Tapi geus aya antene tivi-an
Kampung Naga, pasawahan, Ciwulan mun caang bulan
Tingkaretip lampu tempel nu kudu di kemitan pamuda
Naha bakal teu kabita
Ku listrik nu hemat energi ?
11.“Nu rek kadesek modernisasi”. Saha nu rek kadesek ku modernisasi dina eta ungkara teh ?
a.Urang kampung Naga
b.Pasawahan jeung walungan Ciwulan
c.Pamuda urang kampung Naga
d.Gambaran kahirupan urang

12.Naon nu dicaritakeun dina eta sajak ?
a.Kahirupan anu basajan
b.Nyawang walungan Ciwulan
c.Meuweuhna modernisasi
d.Kudu hemat listrik

13.Kumaha rasa pangarang nu kagambar dina eta sajak ?
a.Bungah
b.Gumbira
c.Inggis
d.Sabar

14.Dina sajak di luhur aya ungkara. “Naha teu bakal kabita”
Kabita kunaon maksud pangarang dina eta ungkara teh ?
a.Kana kabasajanan urang kampung Naga
b.Ka lembur singur saperti kampung Naga
c.Ka pasawahan jeung Ciwulan di mana caang bulan
d.Ka listrik nu hemat listrik

Baca pupuh di handap ieu, tuluy jawab pananya ti nomer 15 jeung nomer 16 !
Asmarandana Lahir Batin

Eling-eling mangka eling
rumingkang di bumi alam
darma wawayangan bae
raga taya pangawasa
lamun kasasar lampah
napsu matak kaduhung
badan anu katempuhan

Jisim nu ngarasa nyeuri
raga nu ngarasa lara
hate nu ngarasa cape
hareudang nyandang wiwirang
purwa perbawa hawa
iyub sumaah takabur
ria ku panggoda setan
15.Sabada maca pupuh di luhur, watek eta pupuh teh nyaeta ....
a.gumbira
b.prihatin
c.nasehat
d.silih asih

16.Diwangun ku sabaraha padalisan pupuh di luhur teh ?
a.8 padalisan
b.8 engang
c.7 padalisan
d.7 engang

17.Dina usum ... mah loba sawah kagaringan.
a.ngijih
b.hujan
c.sasalad
d.halodo

18.Dua poe nu bakal datang nyaeta ....
a.kamari
b.isukan
c.mangkukna
d.pageto

19.Babasan anu hartina bodo tapi daek tatanya nyaeta ....
a.bodo katotolojoh
b.buntut kasiran
c.bodo alewoh
d.handap asor

20.Kalimah mana anu merenah undak-usuk basana, nyaeta ....
a.Punten abdi wangsul ti payun, kumargi bade angkat ka luar kota
b.Punten abdi wangsul ti payun, kumargi bade mios ka luar kota
c.Punten abdi mulih ti payun, kumargi bade angkat ka luar kota
d.Punten abdi mulih ti payun, kumargi bade mios ka luar kota
Rizsa Faozsiyah
Hallo, soal yang ada di blog ini dapat kalian download secara gratis dan mudah pada link yang tersedia, enjoy and happy reading!

Posting Komentar