Kali ini penulis akan membagikan soal bahasa sunda kelas 8 semester 2 dan kunci jawaban untuk dapat kalian pelajari untuk menghadapi ujian nanti. Karena biasanya soal bahasa sunda kelas 8 yang akan diujikan tidak jauh berbeda dengan soal tahun sebelumnya. Soal uts bahasa sunda kelas 8 semester 1 kurikulum 2013 ini sudah dilengkapi beserta kunci jawaban bahasa sunda kelas 8 semester 2. Semoga soal bahasa sunda kelas 9 dan kunci jawaban ini dapat bermanfaat. Selamat belajar! Tetap semangat! Jangan lupa cek soal pat bahasa sunda kelas 8 semester 2 kurikulum 2013 lainnya!
Soal UTS Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 2 Kurikulum 2013 dan Kunci Jawaban
(Kunci jawaban ditandai dengan huruf tebal, untuk file secara lengkap silahkan download pada link yang tersedia)
Kamekaran Seni Sunda
Kumaha kamekaran seni Sunda kiwari ?
Pasualan éta geus remen jadi bahan padungdengan. Pangna kitu téh lantaran kahirupan urang Sunda kiwari geus loba kapangaruhan ku adat jeung kabiasaan nu jolna di deungeun. Eta hal téh gedé pangaruhna kana hirup huripna Seni Sunda. Karasa pisan, seni Sunda anu sakitu euyeubna téh nungtutan laleungitan. Sok sanajan kitu, henteu kabéh matak pikasalempangeun, sabab aya kénéh seni Sunda anu hirup, mekar, sarta tetep dipikaresep.
Kasenian Sunda nyampak tur mekar di unggal wewengkon, upamana baé wayang golék, calung, kendang penca, jeung degung. Ari anu hirup sarta mekar di hiji atawa sawatara wewengkon nyaéta sampyong di Kabupaten Majalengka jeung sabudeureunana, Sisingaan di Kabupaten Subang, Kuda Rénggong di Kabupaten Sumedang, Tarling di Kabupaten Indramayu, Bénjang di Kabupaten Bandung, Surak Ibra jeung Dodombaan di Kabupaten Garut.
Seni nu husus hirup di Kabupaten Majalengka jeung Kuningan nyaéta Gembyung jeung Sampyong. Hanjakal kamekaranana geus loba kadéséh ku ku seni modéren, anu antukna jadi kurang dipikawanoh ku masarakat.
Kasenian Sunda lianna anu masih kénéh pada mikaresep sarta sering dipintonkeun boh dina acara Agustusan, di nu kariaan, malah dina siaran televisi nyaéta calung, réog, degung, jaipongan jeung wayang golék.
Alesan pangna kasenian calung, réog, degung, jaipongan jeung wayang golék masih bisa hirup lantaran dianggap mampuh nuturkeun parobahan jaman. Calung ayeuna geus loba pisan robahna lamun dibandingkeun jeung calung baheula, pangpangna dina lebah nabeuh jeung lalaguanana. Baheula mah nu disebut calung teh rénténg, lantaran waditrana ngajajar ditalian sina ngarénténg. Tungtung tali nu hiji ditalikeun kana tihang, ari nu hiji deui ditalikeun kana awak anu nabeuhna. Atuh nabeuhna gé bari diuk.
Kiwari nabeuh calung téh dijingjing sabab waditrana henteu dirénténgkeun maké tali, tapi dirénténgkeun maké awi pikeun ngajingjingna. Ku kituna dina magelarkeunana leuwih gampang. Nu nabeuh bisa gerak kalawan bébas. Malah sangkan leuwih dipikaresep, pintonanana dieuyeuban ku humor.
a.Kahirupan sunda geus kapangaruhan
b.Budaya sunda geus kapangaruhan
c. Kabiasaan urang sunda modern
d. Pangaruh negatif ti luar
2.Seni naon bae nu kiwari geus kadeuseuh ku parobahan jaman?
a.Jaipong
b. Kuda renggong
c. Sempyong jeung gembyung
d. Singa depok
3.Naon pangna seni calung masih di anggap hirup jeung mekar?
a. Bisa nuturkeun parobahan jaman
b. Tampilanana geus modern
c. Caritana diluyukeun jeung jaman
d. Tampilan/caritana menarik
4.Di handap ieu seni sunda has anu tumuwuh di wewengkon Majalengka, nyaeta....
a. Kuda renggong
b. Singan depok
c. Surak ibra jeung dodombaan
d. Sampyong jeung Gembyung
5.Seni sunda anu tumuwuh di daerah Sumedang nyaeta....
a. Kuda renggong
b. Singan depok
c. Surak ibra jeung dodombaan
d. Sampyong jeung Gembyung
6.Alat seni sunda disebut......
a. Wirahma
b. Wiraswara
c. Waditra
d. Aransemen
7.Jalma anu purah nembangkeun lagu dina pagelaran disebut.....
a. Nganggit
b. Rampak sekar
c. Wiraswara
d. Juru sekar
8.Pagelaran drama anu dipintonkeun disebut.....
a. Rampak sekar
b. Wirahma
c. Aransemen
d. Gending karesmen
9.Lalaki anu purah nembang dina pagelaran di sebut....
a. Nganggit
b. Alok
c. Sinden
d. Wiraswara
10.Mun hayang juara kelas kudu.......diajar
a. Getol
b. Kedul
c. Berehan
d. Amis budi
11.Murid kelas dalapan salawasna .....
a. Gulung tikar
b. Sarumanget
c. Lindeuk
d. Mahal
12.Hayam leuweung mah hese rek ....
a. Lindeukna
b. Amis budi
c. Berehan
d. Kedul
13.Sabaraha siswa anu pakasaban kolotna wiraswasta?
a. 40 urang
b. 25 urang
c. 15 urang
d. 3 urang
14.Pakasaban naon anu jumlah siswana panglobana?
a. Tani
b. ABRI
c. Dagang
d. Guru
15.Pakasaban naon anu jumlah siswana pang saeutikna?
a. Tani
b. ABRI
c. Dagang
d. Guru
16.Jumlah siswa anu pakasaban kolotna dagang nyaeta?
a. 40 urang
b. 25 urang
c. 15 urang
d. 3 urang
17.Siswa anu di tes maca gancang aya tilu puluh tilu urang.
Kalimah di luhur kaasup kana kalimah.....
a. Sifat
b. Bilangan
c. Bilangan tahapan
d. Kaayaan
18.Kecap kahiji, kadua, jeung katilu mangrupakeun kecap ......
a. Bilangan tahapan
b. Bilangan jumlah
c. Sifat
d Kaayaan
19.Ceu Mariam mah Amis budi.
Amis budi hartina......
a.Hade akhlakna
b. Hade rarayna
c. Hade awakna
d. Hade turunanana
20.Kecap-kecap ieu di handap kaasup kana kecap rundayan anu dirarangkenan ku rarangken tukang ing-/ning-, iwal.....
a.Estuning
b. Rasaning
c. Suling
d. Papadaning
a. 40 urang
b. 25 urang
c. 15 urang
d. 3 urang
14.Pakasaban naon anu jumlah siswana panglobana?
a. Tani
b. ABRI
c. Dagang
d. Guru
15.Pakasaban naon anu jumlah siswana pang saeutikna?
a. Tani
b. ABRI
c. Dagang
d. Guru
16.Jumlah siswa anu pakasaban kolotna dagang nyaeta?
a. 40 urang
b. 25 urang
c. 15 urang
d. 3 urang
17.Siswa anu di tes maca gancang aya tilu puluh tilu urang.
Kalimah di luhur kaasup kana kalimah.....
a. Sifat
b. Bilangan
c. Bilangan tahapan
d. Kaayaan
18.Kecap kahiji, kadua, jeung katilu mangrupakeun kecap ......
a. Bilangan tahapan
b. Bilangan jumlah
c. Sifat
d Kaayaan
19.Ceu Mariam mah Amis budi.
Amis budi hartina......
a.Hade akhlakna
b. Hade rarayna
c. Hade awakna
d. Hade turunanana
20.Kecap-kecap ieu di handap kaasup kana kecap rundayan anu dirarangkenan ku rarangken tukang ing-/ning-, iwal.....
a.Estuning
b. Rasaning
c. Suling
d. Papadaning
Posting Komentar
Posting Komentar